“LUTUNG
KASARUNG”
Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti
praméswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna
Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat
Purbakancana, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih jeung nu katujuh
Purbasari.
Ngaraos
parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, badé tatapa di leuweung.
Nu
dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh lain Purbararang putra
cikal, tapi bet Purbasari, putra bungsu.
Atuh
munasabah baé, Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan, asa dihina asa
ditincak hulu. Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung Cupu.
Kacaturkeun
di Kahiangan, Guruminda, putra déwata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpén
gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu, “Jung, geura boro
pijodoeun hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu. Tapi…ulah torojogan, anggo heula
ieu raksukan…lutung!”
Janggélék
Guruminda minda rupa jadi lutung, katelah Lutung Kasarung.
Kocap
deui di nagara Pasir Batang. Prabu Tapa Ageung ngersakeun hayang tuang daging
lutung. Nya nimbalan Léngsér kudu mentés Aki Panyumpit ngala lutung ka
leuweung.
Aki
Panyumpit gasik ngasruk leuweung néangan lutung. Tapi dadak sakala, leuweung
jadi sepi taya sasatoan. Bororaah sato kayaning peucang jeung lutung, sireum
ogé taya nu ngarayap cék wiwilanganana mah.
Aki
Panyumpit téh méh pegat pangharepan. Barang rék mulang, dina tangkal peundeuy
bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Ari rék disumpit, celengkeung
téh lutung nyoara: “Éh, Aki, bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku
bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho anu dingaranan
karaton.”
“Sukur
atuh, sok geura turun,” walon Aki Panumpit bengong, aya lutung bisa ngomong.
Singhoréng Lutung Kasarung téa. Déwata minda rupa turun ka dunya.
Lutung
Kasarung dibawa ku Aki Panyumpit, dihaturkeun ka karaton. Tapi barang rék
dipeuncit, taya pakarang nu teurak. Sang Lutung teu bisa dirogahala. Tungtungna
mah, saur Ratu, “Léngsér pasrahkeun baé ka anak kami, sugan butuh keur
pibujangeun.”
Nya
atuh ku Léngsér dipasrahkeun ka Purbararang. Ari walonna téh bet: “Daék sotéh
ngabujangkeun, lamun jalma nu utama. Mun lalaki turunan mantri, ari lutung mah
sangeuk teuing!” Deregdeg léngsér ka putra nu kadua, teu ditampa. Ka anu
katilu, nya kitu kénéh. Pajarkeun téh, lain teu hayang nampa, ngan sieun ku Si
Tétéh.
Léngsér
mulang deui ka Purbararang, pokna téh,” Nya sok baé atuh, bisi pajar nampik
pasihan rama.”
Lutung
kasarung tetep di karaton. Belenyeng lumpat ngintip para mojang nu lalenjang
keur ngagembrang ninun.
Keur
jarongjong ninun, ari koloprak téh taropong Purbararang moncor ka kolong balé.
“Cing
Adi, pangnyokotkeun taropong!”
“Ih,
Tétéh, apan boga bujang lutung,” Cék Purbaleuwih.
“Cing
lutung pangyokotkeun taropong di kolong balé!”
Deregdeg
lutung lumpat. Ulang-ileng, top taropong dicokot. Ari béréwék téh dibébékkeun
mani jadi lima, sor disodorkeun!
“Jurig
lutung, taropong aing sabogoh-bogoh dibébékkeun! Léngsér! Teu sudi alurangs
mah, anteurkeun Si Lutung ka Si Purbasari di leuweung!”
Jut
Léngsér turun, Lutung unggeuk, tuluy nuturkeun. Lutung Kasarung ditampa ku
Purbasari.
“Éh
Mama Léngsér, geuning Si Tétéh aya kénéh adilna. Kajeun lutung, tamba suwung.
Kajeun hideung, tamba keueung nu di leuweung. Kajeun goréng, tamba jempé nu
nyorangan. Hatur nuhun béjakeun ka Si Tétéh.”
Tutas
haturan, Léngsér mulang ka karaton.
Caturkeun
di sisi leuweung. Purbasari ngagolér dina palupuh sabébék, di hateup welit
sajalon. Lutung kasarung ngangres ningal kaayaan putri. Rep Sang Putri disirep.
“Utun,
urang saré jeung kaula. Kula mah banget ku tunduh!”
“Oaah,
Sang Putri, lutung mah tara saré jeung manusa, bisi geuleuheun!”
Reup
Putri Purbasari kulem tibra pisan.
“Éh,
deudeuh teuing. Putri téh nalangsa pisan. Aing rék nénéda ka Sunan Ambu, neda
sapaat para bujangga, niat misalin Sang Putri meungpeung saré,” gerentes Lutung
Kasarung, Guruminda mamalihan.
Raksukan
digédogkeun, bray baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan.
Panejana tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajenggléng karatonna, leuwih
agréng ti nagara. Purbasari dipangku, diébogkeun dina kasur tujuh tumpang,
disimbut sutra banggala, disumpal ku benang emas. Janggélék Gurumiinda jadi
lutung deui, tapakur di sisi balé kancana.
Kabeungharan
jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara. Purbararang, nu
goréng budi ti leuleutik, nu goréng lampah ti bubudak, beuki tambah sirik,
beuki tambah ceuceub. Rupa-rupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur ngarah
pati Purbasari.
Mimitna
Purbasari diperih pati, kudu bisa mendet parakan Baranangsiang, leuwi
Sipatahunan. Mangka saat sapeuting. Mun teu bukti teukteuk beuheung keur tandonna.
Ku
pitulung Lutung Kasarung, dibantu Sunan Ambu jeung para bujangga, ieu tanjakan
téh laksana.
Tuluy
Purbasari dititah ngala banténg ti leuweung. Ku kasaktén Lutung Kasarung,
banténg téh katungtun ku Purbasari ka nagara.
Purbasari
dipentés nyieun pakarang tatanén étém bingkeng jeung jarum potong, jeung
ditangtang pahadé-hadé ngahuma. Geus tangtu Purbasari dibéré pasir anu
pangangar-angarna, ari Purbararang mah di tempat nu hadé. Tapi Purbasari unggul
kénéh.
Rupa-rupa
ékol Purbararang, antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan,
paloba-loba samping, papanjang-panjang buuk, pageulis-geulis rupa. Tapi rayat
jeung jaksa nagara mutus teu weléh Purbasari anu unggul.
Tungtungna
Purbararang pinuh ku haté dir jeung ujub, ngajak pakasép-kasép beubeureuh,
Sagoréng-goréngna beubeureuh manéhna, da pubuh manusa, kakasih Indrajaya.
Sakasép-kasépna beubeureuh Purbasari, lutung.
Purbasari
éléh, tenggekna kari saketokkeun diteukteuk.
Cunduk
kana waktuna, Lutung Kasarung manggih putri panyileukanana. Putri nu sasorot
jeung Sunan Ambu, Purbasari. Lutung Kasarung ngagédogkeun raksukanana, baranyay
hurung, janggélék jadi Guruminda deui.
Indrajaya
ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanana.
Purbasari
ngadeg ratu di Pasirbatang, jadi praméswari Guruminda. Ari Purbararang jeung
sadérékna nu opat deui, dihukum kudu jadi pangangon. Indrajaya mah dihukum jadi
pangarit, dibekelan arit timah. Ngan anu pangais bungsu, Purbaleuwih, anu
welasan ti baheula ka Purbasari, ditikahkeun ka Ki Bagus Lembu Halang, ciciptaan
tina raksukan Lutung Kasarung jadi papatih di Pasir Batang.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar